Jumat, 01 Juli 2016

Gereget

Adhy M. Nuur

Si Néng nyampak keur ngadapang bari nyoo léptop. Teu kuat, gereget, Acung milu ngadapang gigireunna. Gubrag!!! Acung disuntrungkeun. Nyobaan deui, nyényéréd méh haneut. Dezigg!!! dada ditonjok. Can wara ngéléhan, sebrut Acung rék ngagabrug. Jedug!!! siku asup kanu angen. Kerewek Acung ngeukeupan. Belentrang!!! katél nakol kanu tarang.

Si Néng ngoréjat rék lumpat, Acung ngejat rék ngudag. Belewer, pletok!!! gagang panto beunang kana irung Acung. Les, Si Néng ngaleungit sabada mapatkeun jampé saépi angin. Acung nyambat aji kidang kancana. Cat Si Néng di luhur kenténg bari ucang-ucangan. Cleng, Acung ngajul. Sorodot tiseureuleu, kenténg maruragan. Biur, Si Néng ngapung, euntreup di luhur tangkal kalapa. Térékél acung ngudag kaluhur. Beledag!!! taktak dibalédog samanggar kalapa.

Si Néng naék papatong, pung. Acung ngudag naék siraru. Jedérrr!!! Acung neunggar tangkal caringin. Siraru rabun ti beurang. Acung ngajongkéng, ampir utah uger. Dumadakan tujuh peri widadari dibaju “tengtop”, jangjangan kukupu, imetna persis Si Néng, pupuntiran di luhur sirah Acung.


postingan asli dapat dilihat di sini

0 komentar:

Posting Komentar

Coprights @ 2016, Blogger Templates Designed By Templateism | Distributed By Gooyaabi Templates