Jumat, 01 Juli 2016

Balaga

Adhy M. Nuur

Narima béja kurang merenah, Walikota maréntahkeun nyerek salah saurang tukang jajaluk méh ditalék langsung. Pasosoré, saurang tukang jajaluk ngahaja didatangkeun ka kantorna.

“Ku kuring anjeun rék digawékeun jadi tukang sasapu. Pan éta leuwih alus batan jajaluk. Tapi naha nampik. Pédah gajihna leutik dibanding hasil jajaluk, kitu?” tanya Walikota.

“Nya sapertos kitu pa wali,” jawab si tukang jajaluk cukup daria.

“Heug anjeun ménta gajih opat yuta. Ieu mah négo waé nya. Kumaha lamun digajih dua yuta?”

“Abdi masih nampik, pa wali. Sakitu mah kirang. Margi engkin seueur potonganna. Engkin dipotong ku pajeg, uang kaamanan, sareng sajabana. Kin nu katampi ku abdi ukur sayuta. Masih kirang. Pan kaperyogian sadidinten abdi téh seueur ogé. Kanggo tuang abdi sakulawargi, bekel sakola barudak, kanggo kopina, kanggo nyesepna, teu acan kanggo pakét blékbéri sareng modem internét. Teras kedah nabung, ngempel-ngempel bekel mudik lebaran. Tebih pisan atuh pa wali.”

“Beu...” Walikota gogodeg bari gagaro sirah teu ateul.

0 komentar:

Posting Komentar

Coprights @ 2016, Blogger Templates Designed By Templateism | Distributed By Gooyaabi Templates