Sabtu, 02 Juli 2016

Inisial Aa

Adhy M. Nuur
Nalika neuteup matana, ratug haté. Komo nyolédat kanu biwirna mah. Leneng otak.

“Kang ieuh tingal pangambung lir siki nangka.” Jadol téh. Masing peureum hayam, asa cékas wé.

“Kang, ieuh katumbiri na juru halis.” Aih aih, beuki curileuk.

“Gadona Kang, gadona. Ngarey, satoel waé?” Cekéng, ulah wani ngusik ula mani ngahudang macan turu.

“Muntang Kang, bilih tisorosod.” Najan awir-awiran, hamo dijenggut. Leuwih ti paranti ngusap bénjol sirah.

“Kahadé Kang, imen ngadadas iman. Wilujeng sadugi-dugina!” Heueuh meujeuh yuni kembang, pisan. Teuing atuh, mingkin baluweng. Payus matak marakayangan. Mun téa taya panyaram, dina jéro ieu nu ngagedur matak paleng, uga, balukar nista.

Cag ah, pareuman wé léptopna. Pegatkeun internétna. Keur mapalerkeun mah bray nyetél tipi.

Breaking news. “Artis berinisial AA diciduk polisi, diduga terkait prostitusi online….” Beu!


mampir oge kadieu

0 komentar:

Posting Komentar

Coprights @ 2016, Blogger Templates Designed By Templateism | Distributed By Gooyaabi Templates