Nalika neuteup matana, ratug haté. Komo nyolédat kanu biwirna mah. Leneng otak.
“Kang ieuh tingal pangambung lir siki nangka.” Jadol téh. Masing peureum hayam, asa cékas wé.
“Kang, ieuh katumbiri na juru halis.” Aih aih, beuki curileuk.
“Gadona Kang, gadona. Ngarey, satoel waé?” Cekéng, ulah wani ngusik ula mani ngahudang macan turu.
“Muntang Kang, bilih tisorosod.” Najan awir-awiran, hamo dijenggut. Leuwih ti paranti ngusap bénjol sirah.
“Kahadé Kang, imen ngadadas iman. Wilujeng sadugi-dugina!” Heueuh
meujeuh yuni kembang, pisan. Teuing atuh, mingkin baluweng. Payus matak
marakayangan. Mun téa taya panyaram, dina jéro ieu nu ngagedur matak
paleng, uga, balukar nista.
Cag ah, pareuman wé léptopna. Pegatkeun internétna. Keur mapalerkeun mah bray nyetél tipi.
Breaking news. “Artis berinisial AA diciduk polisi, diduga terkait prostitusi online….” Beu!
mampir oge kadieu
Tampilkan postingan dengan label fikminsunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label fikminsunda. Tampilkan semua postingan
Sabtu, 02 Juli 2016
Jumat, 01 Juli 2016
Balaga
Narima béja kurang merenah, Walikota maréntahkeun nyerek salah saurang tukang jajaluk méh ditalék langsung. Pasosoré, saurang tukang jajaluk ngahaja didatangkeun ka kantorna.
“Ku kuring anjeun rék digawékeun jadi tukang sasapu. Pan éta leuwih alus batan jajaluk. Tapi naha nampik. Pédah gajihna leutik dibanding hasil jajaluk, kitu?” tanya Walikota.
“Nya sapertos kitu pa wali,” jawab si tukang jajaluk cukup daria.
“Heug anjeun ménta gajih opat yuta. Ieu mah négo waé nya. Kumaha lamun digajih dua yuta?”
“Abdi masih nampik, pa wali. Sakitu mah kirang. Margi engkin seueur potonganna. Engkin dipotong ku pajeg, uang kaamanan, sareng sajabana. Kin nu katampi ku abdi ukur sayuta. Masih kirang. Pan kaperyogian sadidinten abdi téh seueur ogé. Kanggo tuang abdi sakulawargi, bekel sakola barudak, kanggo kopina, kanggo nyesepna, teu acan kanggo pakét blékbéri sareng modem internét. Teras kedah nabung, ngempel-ngempel bekel mudik lebaran. Tebih pisan atuh pa wali.”
“Beu...” Walikota gogodeg bari gagaro sirah teu ateul.
Gereget

Si Néng nyampak keur ngadapang bari nyoo léptop. Teu kuat, gereget, Acung milu ngadapang gigireunna. Gubrag!!! Acung disuntrungkeun. Nyobaan deui, nyényéréd méh haneut. Dezigg!!! dada ditonjok. Can wara ngéléhan, sebrut Acung rék ngagabrug. Jedug!!! siku asup kanu angen. Kerewek Acung ngeukeupan. Belentrang!!! katél nakol kanu tarang.
Si Néng ngoréjat rék lumpat, Acung ngejat rék ngudag. Belewer, pletok!!! gagang panto beunang kana irung Acung. Les, Si Néng ngaleungit sabada mapatkeun jampé saépi angin. Acung nyambat aji kidang kancana. Cat Si Néng di luhur kenténg bari ucang-ucangan. Cleng, Acung ngajul. Sorodot tiseureuleu, kenténg maruragan. Biur, Si Néng ngapung, euntreup di luhur tangkal kalapa. Térékél acung ngudag kaluhur. Beledag!!! taktak dibalédog samanggar kalapa.
Si Néng naék papatong, pung. Acung ngudag naék siraru. Jedérrr!!! Acung neunggar tangkal caringin. Siraru rabun ti beurang. Acung ngajongkéng, ampir utah uger. Dumadakan tujuh peri widadari dibaju “tengtop”, jangjangan kukupu, imetna persis Si Néng, pupuntiran di luhur sirah Acung.
postingan asli dapat dilihat di sini
Langganan:
Postingan (Atom)

