Jumat, 06 Februari 2009

Duh, Gusti!

Adhy M. Nuur

Wanci kamari
Keur meujeuh ngudag-ngudag kalakay rasa
Nu diantawisan ku tunggara
Asa aing asa dibeungkeut karaheut
Nyawang taya patandang
Nu silih beja ngahawar kareueus
Iraha urang silih simbeuh meh baseuh kadeudeuh
Ras caah guligah
Iraha urang miceun kasieun
Ras nyorang karingrang
Iraha urang ngaruang melang hariwang



Yeuh diri, Gusti!
Sampelak jasad titinggal halimpu
Du'a-du'a nu mancala jadi komara
Bari nangkeup nu sieup
Nista nu lumaku jadi diaku



Duh Gusti!
Najan pasini can ngajadi
Najan peuting teu baranang bentang
Najan ngecrak cihujan maturan peuting
Keukeuh moal rek mungkaskaeun jangji
Keukeuh rek meuting balas kasurup ibun
Teu ajrih can kapareng duriat



Duh gusti
Hamo miang asih nu ngampih

Kataji jadi pangarti
Pustikeun dina ati
dina bayah


Pun sapun...!


Bandung Des. 2005

0 komentar:

Posting Komentar

Coprights @ 2016, Blogger Templates Designed By Templateism | Distributed By Gooyaabi Templates